Calonarang

Rangda atawa Calonarang nu disebut salaku Ratu Leak

Calonarang atawa Calon Arang nyaéta salah sahiji lalakon drama tari nu sipatna magis sarta nyokot sumber carita ti carita Calonarang.[1] Carita semi-historis nu asalna nalika jaman pamaréntahan Raja Airlangga di Karajaan Kahuripan (Jawa beulah Wétan) mangsa abad ka-12.[1] Dina lakon ieu aya Matah Gedé minangka wujud Calonarang saméméh diajar élmu hideung.[2] Asal carita ieu nyaéta ayana Calonarang minangka janda pangawasa élmu hideung di désa Girah.[3] Dina dipintonkeuna, Calonarang biasana nyanghareupan Barong atawa Airlangga.[4] Dina pintonana, gamelan nu dipaké nyaéta Gamelan Semar Pagulingan, Gamelan Babarongan jeung Gong Kebyar sedengkeun gendingna boga husus nyaéta Gending Panyalonarangan.[5] Disebut yén nu bisa mateni Calonarang nyaéta Keris Weling Sakti nu asal informasina ti kitab pusaka boga Calonarangna sorangan.[6]

  1. a b Senen, I Wayan. 2005. Perempuan dalam Seni Pertunjukan di Bali. Yogyakarta: BP ISI Yogyakarta
  2. Margono. 2007. Seni Rupa & Seni Pertunjukan. Jakarta: Ghalia Indonésia Printing
  3. Zamidra. 2012. Makhluk Mitologi Sedunia. Depok: Penebar Swadaya Grup
  4. Tim Pustaka Horor. 2012. 666 Misteri Paling Heboh Indonésia & Dunia. Jakarta: KAWAHmedia
  5. Tempo: Indonesia's Weekly News Magazine, Volume 6, Issue 39-47. 2006. the University of Michigan: Arsa Raya Perdania.
  6. Reza, Marina Asril. 2013. 108 Cerita Rakyat Terbaik Asli Nusantara. Jakarta: Transmedia Pustaka

© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search