Thermoforming

(G.1) : Conto tina proses mesin themoforming
(G.2) Sawangan undakan produksi mesin Thermoforming

Thermoforming (dibaca: térmoforming) nyaéta cara nyieun hiji barang kabutuhan sapopoé(utamana tina plastik) ku jalan manaskeun heula lambaran plastik nepi ka leuleus, tuluy éta lambaran plastik téh didedetkeun maké citakan anu geus disadiakeun saméméhna (Tinggali G.1), saréngséna tiis kakara katempo barang hasil citakana (Tinggali G.2)[1][2] Ieu cara ngolah lambaran plastik ku jalan dicitak téh, Loba anu ngamangpaatkeun beubenangan produksina salian dipaké pikeun kabutuhan rumah tangga ogé biasana dimangpaatkeun bahan pamungkus ku pabrik anu ngolah kadaharan, ka ulinan/cocooan, industri kandaraan, jeung séjén-séjéna.[3]

  1. Hartina Forming
  2. [1]
  3. Hartina thermoforming

© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search