Duit

Koléksi tina pecahan 50.000 rupiah asli.

Duit nyaéta hiji banda anu boga satuan itung anu biasana bisa dipaké pikeun alat mayar anu sah dinu sagala transaksi anu dilakukeun di salah sahiji wilayah nu tangtu.[rujukan?] Duit diciptakeun pikeun ngalancarkeun kagiatan tukeur-tukeuran barang jeung perdagangan.[rujukan?] Para ahli ékonomi biasana méré pangartian anu rupa-rupa ngeunaan duit.[rujukan?] Sanajan kitu, tapi angger nu pokona mah sarua nyaéta banda anu biasa dipaké pikeun alat pamayaran anu sah tangtuna.[1]

  1. Dr.Winardi.1983.Pengantar Ilmu Ekonomi.Bandung:Warsito

© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search