Saudi Arabia

المملكة العربية السعودية
Al-Mamlakah al-'Arabiyyah as-Sa'ūdiyyah

Karajaan Saudi Arabia
Bandéra Saudi Arabia Lambang Saudi Arabia
Bandéra Lambang
Motto: basa Arab: لا إله إلا الله محمد رسول الله
(Alihaksara: lā ilāhā illā-llāhu; muhammadu-r-rasūlu-llāhi)
(Alihbasa: "Teu aya deui Pangéran anging Gusti Allah sareng Nabi Muhammad éta utusan Allah")
Lagu: Aash Al Malik

Lokasi Saudi Arabia
Lokasi Saudi Arabia


Ibukota Riyadh
24°39′N 46°46′E
Kota panggedéna Riyadh
Basa resmi Basa Arab
Pamaréntahan Karajaan absolut
 - Raja Salman bin Abdulaziz
 - Pangéran Muqrin Bin Abdul Aziz
Ngadegna Minangka Karajaan 
 - Didéklarasikeun 8 Januari, 1926 
 - Diaku 20 Méi, 1927 
 - Ngahiji 23 Séptémber, 1932 
Wewengkon  
 - Total 2.149.690 km² (ka-14)
  829.996 sq mi 
 - Cai (%) saeutik
Populasi  
 - Perkiraan taun 2006 25.192.7201 (ka-462)
 - Kapadetan 11/km² (ka-205)
29/sq mi 
GDP (PPP) 2005 (éstimasi)
 - Total $351.996 milyar (ka-27)
 - Perkapita $ 15.229 (ka-46)
HDI (2003) 0,772 (ka-77) – sedeng
Mata uang Riyal (SAR)
Wewengkon wanci (UTC+3)
Internét TLD .sa
Kode telepon +966
1Populasina diperkirakeun 5,576,076 non-nasional
2Réngking dumasar kana itungan taun

Karajaan Saudi Arabia (Basa Arab: المملكة العربية السعودية‎) nyaéta nagara panglegana di Semenanjung Arab. Nagara ieu wawatesan jeung Jordania di kulon kalér, Iraq di kalér jeung wétan kalér, Kuwait, Qatar, Bahrain, jeung Uni Émirat Arab di beulah wétan, Oman di wétan kidul, sarta Yaman di beulah kiduleunnana, kalayan Teluk Pérsia di beulah wétan kalér jeung Laut Beureum di beulah kuloneunnana. Nagara ieu disebut "lemahna dua masjid suci", minangka rujukan ka Mekah jeung Madinah, dua kota pangsucina dina ageman Islam. Nagara ieu nujul kana Saudi Arabia (ngecapkeun dina basa Inggris /ˈsɒdɪ əˈɹeɪ̯bɪə/), السعودية /ælʕɑrɑˈbiː æsːæʕuːˈdijːæ/ atawa Arabia wungkul, nu henteu pati ilahar (saperti dina maén bal), KSA.


© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search