Suling

Suling

Suling (Sunda) nyaéta salah sahiji waditra tiup urang Sunda nu disadakeun ku cara ditiup. Ilaharna dijieun tina awi tamiang. Suling sumebar ampir di sakuliah tatar Sunda umumna di wewengkon Priangan. Biasana suling dipaké pikeun mirig lalaguan boh tembang boh kawih.

Ukuran suling nangtukeun luhur handapna sora. Upamana, keur lagu-lagu tembang suling nu digunakeun leuwih panjang antara 58–62 cm (sabab leuwih rendah sorana) ti batan suling keur kawih atawa degung 50–58 cm.

Dina pidangan lian, suling ogé sok dipaké pikeun gending-gending instruméntal kayaning kacapi-suling (Cianjuran) jeung degung klasik.Wangun suling aya dua nyaéta suling liang genep jeung suling liang opat (suling degung). Nada suling ilaharna laras péntatonis Sunda. Dina kamekaranana, suling miboga wangun jeung laras-laras anyar anu dijieun husus pikeun kabutuhan musikal aransemen gending, di antarana suling mandalungan, suling saléndro liang opat, suling madenda liang opat, suling wisaya. Aya ogé suling anu dijieun husus maké tangga nada diatonis atawa Cirebonan.

Wangun lian tina suling nyaéta bangsing anu boga nada diatonis, ilahar dipaké dina kasenian tarling di wewengkon Cirebon jeung Indramayu. Waditra séjén anu méh sarupa wangunna jeung suling sunda di antarana seruling, saluang, suling (Bali). Suling dina klasifikasi alat musik dunya kaasup kana instrumen flute, sub klasifikasi wooden/bamboo flute.


© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search