Suluk nyaéta istilah anu mindeng digunakeun dina babaran ngeunaan pagelaran wayang; yén kakawén anu biasa dihaleuangkeun ku dalang mangrupa purwaka téh saéstuna ngandung ma'na suluk, siloka, atawa perlambang.[1] Ku kituna, istilah suluk téh dikeunakeun kana wacana puisi anu eusina ngandung siloka; luhur anjénna sabada disurahan atawa dima'naan.[1]
Hartina, siloka mangrupa éksprési nu dipak dina wangun lambang jeung métafora. Tangtu waé, unggal siloka lain ngan saukur méré rupa-rupa tafsir, tapi ogé bisa ngabalukarkeun salah harti lamun ditafsirkeun sacara salah jeung sagawayah.[2]
© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search