Sungkem

Sungkem nyaéta kecap pagawéan nyium tonggong leungeun, tuur, suku kolot tandaning hormat[1]. Sungkem téh dilakonan nalika pangantén nyanghareup kolotna ogé kulawargana anu leuwih kolot(pinisepuh) ti dua kulawaraga pangantén, salaku tanda bakti jeung panuhun kana bimbinganana ti mimiti lahir nepi ka kawin[2]. Lian ti éta pangantén ménta du'a restu dina ngabangun kahirupan rumah tangga anu anyar, supaya meunang rahmat ti Allah SWT[2].Sungkem dilakonan sababaraha waktu sabada upacara akad nikah, tempatna biasana di imah pangantén awéwé di jero imah, di mana para sepuh narungguan [3].Jalma-jalma anu biasana aya dina acara sungkeman téh kabatesanana ti pihak kulawaraga jeung baraya ti dua beulah pihakanana.[3]

  1. Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Kaca 661
  2. a b [Bratawidjaja, Thomas Wiyasa. 1990 . UPACARA PERKAWINAN ADAT SUNDA. Jakarta: Pustaka Sinar Harapan]
  3. a b Suhamihardja, A Suhandi.Spk.1993.FUNGSI UPACARA TRADISIONAL PADA MASYARAKAT PENDUKUNGNYA MASA KINI DI JAWA BARAT.DEPARTEMEN PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN

© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search