Inggit Garnasih

Inggit Garnasih téh nyaéta saurang wanoja asal Banjaran Bandung anu dipigarwa ku Bung karno.[1] Inggit gumelar 17 Pébruari 1888 di Désa Kamasan, Banjaran perenahna kiduleun kota Bandung.[1] Tilar dunya 13 April 1984 kalayan dikurebkeun di Babakan Ciparay Kab Bandung.[2]

Anjeunna rarabi sareng Bung karno nalika revolusi kamerdekaan,urut pamajikan Soekarno, cindekna saméméh carogéna jeneng jadi présidén.[1] Inggit istri anu satia tur ngarti pisan kana kaayaan Bung karno mangsa harita, rupa-rupa dodoja anu beurat dina enggoning hirup rumah tanggana disanghareupan kalawan pinuh ku kasabaran.[1] Nalika Bung Karno ditahan di penjara sukamiskin, anjeunna henteu petot méré pangrojong kanu jadi carogé, bulak-balik Bandung - Sukamiskin nikreuh ngalayad kituna téh bari dagang leuleutikan pikeun nyukupan kahirupan sapopoé.[1] Nalika Bung Karno diasingkeun ka pulo Plorés ogé nalika pindah ka Bengkulu, anjeunna satia marengan carogéna.[1]

Anjeunna mulang deui ka Bandung, dilélér jadi Pahlawan Nasional dina taun 1997-1998.[3] Salah sahiji jalan di kota Bandung ogé dingaranan jalan Inggit Garnasih pikeun miéling kana jasa-jasana.[3]

Perkawinan maranéhanana dikonfirmasi ku Surat Nikah Soerat No. 1138 tanggal 24 Maret 1923, dicap 15 sén, sarta dina basa Sunda. Inggit jeung Soekarno pepegatan di Pegangsaan Timur 56 disaksian ku Hatta, Ki Hajar Dewantoro, jeung K.H. Mas Mansur.Sanajan cerai taun 1942 jeung Inggit tetep boga rasa ka Soekarno, kaasup duka waktu Soekarno pupus. Carita asmara Inggit-Soekarno ditulis dina roman nu disusun ku Ramadhan KH nu geus sababaraha kali dicetak deui nepi ka ayeuna, pupus di Bandung dina ping 13 April 1984. Dua bulan samemeh pupus, Fatmawati didatangan ku Ali Sadikin.

  1. a b c d e f Warman Adam, Asvi (2010). Kisah istimewa Bung Karno. Jakarta: Penerbit Buku Kompas. ISBN 9789797095031. 
  2. M. Rizky, Farrel (2009). Bung Karno di antara saksi dan peristiwa. Jakarta: Penerbit Buku Kompas. ISBN 9789797094096. 
  3. a b A. Suherman, Sherly (2009). Made in Bandung: Kreatif, Inovatif dan Imajinatif!. Jakarta: DAR! Mizan. ISBN 9789797528720. 

© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search