Kembang

Kembang nyaéta organ réproduktif tutuwuhan nu kaasup golongan angiosperm (tangkal kembangan; divisi Magnoliophyta). Fungsi kembang nyaéta pikeun ngahasilkeun siki tina réproduksi séksual.[1] Pikeun tutuwuhan leuwih luhur, siki téh mangrupa turunan, nu jadi alat sumebarna hiji spésiés. Sanggeus ngalaman fértilisasi, kembang laju tumuwuh jadi buah nu ngandung sikina.

  1. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 

© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search