Samudra Atlantik

Samudra Atlantik

Samudra Atlantik nyaéta samudra pangbadagna kadua di Marcapada, sanggeus samudra Pasifik[1]. Ku total legana kurang leuwih 106,400,000 Kilométer pasagi (41,100,000 sq mi), Samudra Atlantik mungkus kurang leuwih 20 persén tina lakop Marcapada sarta kurang leuwih 29 persén tina aréa lakop cai[1]. Mimitina mah ngaran Atlantik téh nujul kana Atlas tina mitologi Yunani, ngajadikeun Atlantik téh "Laut Atlas"[1]. Samudra Atlantik mayakpak ti basisir kulon Éropah ka buana Afrika nepi ka basisir wétan buana Amérika[2]. Samudra Atlantik miboga lega kurang leuwih maparo jeung Samudra Pasifik sarta rata-rata jerona 3.350 méter sarta titik panglandeuhna 8.385 méter[2]. Posisi Samudra Atlantik penting pisan pikeun subrang-sebrangna rupining palabuan-palabuan badag nagara-nagara Éropah ka Amérika, ti nagara-nagara Afrika di basisir kulonna ka nagara-nagara Asia[2].

  1. a b c "The New Encyclopædia Britannica", Citakan 2, Encyclopædia Britannica, 1974. kac. 294
  2. a b c Kompasiana.com, Samudera dan karakteristiknya, Diaksés 11 Agustus 2015

© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search