Suhu

Suhu némbongkeun darajat panas barang. Gampangna, beuki luhur suhu hiji barang, beuki panas barang kasebut. Sacara mikroskopis, suhu ngagambarkeun énergi anu dipiboga ku hiji barang. Saban atom dina hiji barang téh usik boh dina wangun pipindahan boh gerak di tempat nu mangrupa geteran. Beuki bédas énergi atom-atom nu nyusun sahiji barang, beuki luhur suhu barang kasebut.

Suhu ogé disebut temperatur.


© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search